Carita Urang Sunda Headline Animator

Jumat, 20 Juli 2012

Seni Pasering Budaya

Tulisan kang Dedi Ruspendi

Seug numut kana hal ieu Bongkot budaya di dunya mung aya 3, da titilaras tina seni oge mung tilu. Baheula manusa kafir nepi ka embung diwakilan narima tuduh jalan, hayang jonghok jeung Allah ku diri pribadi. Padahal teu sakabeh manusa bisa jonghok jeung elmu Allah.

Dirina ngarasa leuwih hade dibere tuduh jalan ku Allah, sabab ceuk pangrasanya leuwih jago jeung leuwih beunghar, sanggup nalukeun jeung marentah manusa sejen. Nepi ka maehan Nabi jeung nantang sangkan Allah atawa Malaikat turun langsung.

Selasa, 17 Juli 2012

Buku Gudangna Elmu

Tulisan Kang Dedi Ruspendi

Lain hartina elmu aya dina buku, ngan ku maca buku atanapi tulisan jeung pamadegan batur, hiji konci atawa cara pikeun mukakeun kajembaran jeung lawang elmu anu aya dina jiwa urang.

Seueur buku nu dibaca, teu sapamadegan jeung urang, samalah seueur buku nu dibaca omeaneun, eusina salah jeung tojaiyah jeung pamikiran urang.

Senin, 16 Juli 2012

Kabayan: BUAH KALAPA NU PANGHADENA

(Tulisan kang Dedi Ruspendi)

Hiji mangsa si Lamsijan jeung si Kabayan Cindekul sisi walungan. Euweuh wea nu nyanggut. Pok si Lamsijan nyarita : “....Kabayan jeung tinimbang keiu mah. Isuk urang ‘kontes’ we lah ulah ngusep. Atawa nguseup bari kontes. Meh teu kesel teuing.

Si Kabayan ngahuleng. “....Kontes nanahaon ari nyaneh?” “.....Enya kontes. Nguseup teh urang bari mawa bubuahan. Tuluy konteskeun. Dimana aya nu eleh urang dahar we eta buah teh.”

“ Jadilah!!!!..........”. Tuluy bae baralik da mangsa pareng geus burit. Isukna dua sobat teh geus cidekul deui bae dina batu lempar anu gede sisi walungan. Ayeuna mah bari mekel bubuahan. Si Kabayan mawa kalapa. Kolot naker. Ari si Lamsijan mawa ganas geus asak pisan.