Carita Urang Sunda Headline Animator

Jumat, 20 Juli 2012

Seni Pasering Budaya

Tulisan kang Dedi Ruspendi

Seug numut kana hal ieu Bongkot budaya di dunya mung aya 3, da titilaras tina seni oge mung tilu. Baheula manusa kafir nepi ka embung diwakilan narima tuduh jalan, hayang jonghok jeung Allah ku diri pribadi. Padahal teu sakabeh manusa bisa jonghok jeung elmu Allah.

Dirina ngarasa leuwih hade dibere tuduh jalan ku Allah, sabab ceuk pangrasanya leuwih jago jeung leuwih beunghar, sanggup nalukeun jeung marentah manusa sejen. Nepi ka maehan Nabi jeung nantang sangkan Allah atawa Malaikat turun langsung.

Selasa, 17 Juli 2012

Buku Gudangna Elmu

Tulisan Kang Dedi Ruspendi

Lain hartina elmu aya dina buku, ngan ku maca buku atanapi tulisan jeung pamadegan batur, hiji konci atawa cara pikeun mukakeun kajembaran jeung lawang elmu anu aya dina jiwa urang.

Seueur buku nu dibaca, teu sapamadegan jeung urang, samalah seueur buku nu dibaca omeaneun, eusina salah jeung tojaiyah jeung pamikiran urang.

Senin, 16 Juli 2012

Kabayan: BUAH KALAPA NU PANGHADENA

(Tulisan kang Dedi Ruspendi)

Hiji mangsa si Lamsijan jeung si Kabayan Cindekul sisi walungan. Euweuh wea nu nyanggut. Pok si Lamsijan nyarita : “....Kabayan jeung tinimbang keiu mah. Isuk urang ‘kontes’ we lah ulah ngusep. Atawa nguseup bari kontes. Meh teu kesel teuing.

Si Kabayan ngahuleng. “....Kontes nanahaon ari nyaneh?” “.....Enya kontes. Nguseup teh urang bari mawa bubuahan. Tuluy konteskeun. Dimana aya nu eleh urang dahar we eta buah teh.”

“ Jadilah!!!!..........”. Tuluy bae baralik da mangsa pareng geus burit. Isukna dua sobat teh geus cidekul deui bae dina batu lempar anu gede sisi walungan. Ayeuna mah bari mekel bubuahan. Si Kabayan mawa kalapa. Kolot naker. Ari si Lamsijan mawa ganas geus asak pisan.

Kabayan: Ulin Ka Tempat Piknik


(diasuh ku Kang Andi Sumirat)
“Kang, naha nya di tempat piknik kieu bet asa aya nu benten”
"Beda kumaha...beuh ?"

“Muhun cobi tinggal we ku akang, antawis nu piknik mani karasep gareulis kitu....sedeng bangsa urang nu daragang keu karucel teh, asa garoreng rupi nya, kang ? Hehehe..


"Ari silaing kasep Lamsijan? mun ngeunteung deuleu..goblog sugan....beuh “
“Ah fakta etamah, kang...hehe”

Kabayan : Balon Gubernur


"Lamsijaaannn.....!"
"Ieu kang, abdi mah nuju ngumbah caruluk, aya naon kang...?"
"Lain euy, aya beja tinu beunang dipercaya....cenah para balon gubernur Jawa Barat rek arulin ka kidul.....!!"


"Bejakeun ku silaing ka balarea deuleu, kade kitu euy motong kakemot beunang kaolo, menggeus ratusan calon inohong ti jaman normal nepi ka kiwari...gawena ukur ngawadul geus jareneng mah tara

Kabayan - Camat


Tulisan Kang Andi Sumirat


"Kang..., saurna enjing ieu bupati Cianjur bade ngaresmikeun samsat outlet nya di kacamatan cibinong, raos panginten nya mayar pajeg kandaraan teh moal tebih kedah ka kota cianjur, hehe......
"

"Eta teh deuleu Lamsijan, tandana pamarentah geus mimiti beunta kana kasusah rahayat dina widang jauhna patali marga mayar pajeg kandaraan, ngan bae mudah-mudahan ulah jiga nu enggeus-enggeus sok paheula-heula hayang jadi camat.....beuh...?

Bruk Brak


Tulisan Kang Andi Sumirat
Nyaritakeun jalan nagara tina taneuh di kalimantan barat, aya deui anu leuwih lucu jeung pikasebeleun.......di cianjur pakidulan aya "jalan anak tere nagara"...........

Di wilayah kacamatan Cikadu kabupaten Cianjur jalan nagara teh cenah mah mangrupa jalan korban politik leutik......ceuk sakaol mah dina tahun 2006 kacamatan cikadu teh rahayatna teu loba milih ka bupati anu kapilih.......nepi ka usum kiwari oge eta jalan teh ukur puraga tamba kadenda diulas-oles ku mangsi hideung......

Anu leuwih parna eta kaayaan teh geus dikanyahokeun ku gubernur jeung wakilna malah menristek oge bejana mah kungsi gegelendeng ka wagub, yen kacida teuing ngantep jalan nagara paranti liwat jelema....bet jiga jalan paragi liwat jurig atawa jin.......???

Pertanyaanana......."naha enya eta wewengkon cikadu teh geus dijieun anak tere ku nagara...?"

lamun henteu....pek geura jawab, naon dasarna jelaskeun ka rahayat......ngeunaan jalan we heula........hahahahahahaha..

Minggu, 08 Juli 2012

KANDA PANUTUP

Tulisan Kang Dedi Ruspendi

Setiaragen tetep teu tiasa dipondah hoyong nikah jeung pameget anu dipisuka jeung dipikacinta. Tur ngarasa lain tugas sareng tujuan wanoja kamajuan hiji bangsa jeung nagara.

Setiaragen ngabohongkeun katangtuan Samiang Keling nunggal mangke nu geus nempatkeun wanoja salaku tihang nagara.

SATRIA PININGIT

Tulisan Kang Dedi Ruspendi

Dina budaya Sunda lain kudu didagoan tapi kudu diupayakeun sangkan lahir generasi atawa nonoman nu mibanda jiwa suci tur bisa ngalarap lampah munasabah jeung babakti ka nagri kalawan temen sujud ka Illahi.

Ieu awalna "....Turun pulung ti galungung......". Tah didieu hartina dunya atikan "...Empu linduhung, gawe luhung jeung agung...". Beberes heula dunya atikan lamun generasi hayang bener.