Carita Urang Sunda Headline Animator

Senin, 16 Juli 2012

Bruk Brak


Tulisan Kang Andi Sumirat
Nyaritakeun jalan nagara tina taneuh di kalimantan barat, aya deui anu leuwih lucu jeung pikasebeleun.......di cianjur pakidulan aya "jalan anak tere nagara"...........

Di wilayah kacamatan Cikadu kabupaten Cianjur jalan nagara teh cenah mah mangrupa jalan korban politik leutik......ceuk sakaol mah dina tahun 2006 kacamatan cikadu teh rahayatna teu loba milih ka bupati anu kapilih.......nepi ka usum kiwari oge eta jalan teh ukur puraga tamba kadenda diulas-oles ku mangsi hideung......

Anu leuwih parna eta kaayaan teh geus dikanyahokeun ku gubernur jeung wakilna malah menristek oge bejana mah kungsi gegelendeng ka wagub, yen kacida teuing ngantep jalan nagara paranti liwat jelema....bet jiga jalan paragi liwat jurig atawa jin.......???

Pertanyaanana......."naha enya eta wewengkon cikadu teh geus dijieun anak tere ku nagara...?"

lamun henteu....pek geura jawab, naon dasarna jelaskeun ka rahayat......ngeunaan jalan we heula........hahahahahahaha..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar