(Tulisan kang Dedi Ruspendi)
Hiji mangsa si Lamsijan jeung si
Kabayan Cindekul sisi walungan. Euweuh wea nu nyanggut. Pok si Lamsijan
nyarita : “....Kabayan jeung tinimbang keiu mah. Isuk urang ‘kontes’ we
lah ulah ngusep. Atawa nguseup bari kontes. Meh teu kesel teuing.
Si Kabayan ngahuleng. “....Kontes nanahaon ari nyaneh?” “.....Enya
kontes. Nguseup teh urang bari mawa bubuahan. Tuluy konteskeun. Dimana aya nu eleh urang dahar we eta buah teh.”
“ Jadilah!!!!..........”. Tuluy bae baralik da mangsa pareng geus
burit. Isukna dua sobat teh geus cidekul deui bae dina batu lempar anu
gede sisi walungan. Ayeuna mah bari mekel bubuahan. Si Kabayan mawa
kalapa. Kolot naker. Ari si Lamsijan mawa ganas geus asak pisan.
“Tah. Kabayan.....Ieu teh buah nu pangalusna. Rupana koneng enay,
angseuna seungit, makutana hejo. Gambaran hirup mausa. Kudu murni hade
laku cara konengna emas nu mahal hargana. Seungit ku kahadean nepi ka
jadi kacapangan balarea. Makuta hejo mere katengtreman jeung kasuburan
ka balarea. Kapan nu make kuncung atawa makuta cara ganas mah Raja
lain......”
Si Lamsijan ngagakgak seuri siga nu meunang. Ari si
Kabayan tenang wae masangkeun eupan, tuluy dialungkeun kana walungan.
Gek sila hareupeun sobatna salse naker. Pokna : “.....Tah. ieu mah
kalapa buah nu pangkuatna jeung panghadena. Moal aya nu kiat jeung hade
iwal ti kalapa. Geura sok eta ganas teh pesek sing beresih.”
Si
kabayan oge mesek kalapa tapasna meni beresih. Batok kalapa tembong
hideung puguh geus kolot kacida. Nu mesek ganas oge beres. Gebro we
ganas dipeupeuh ku kalapa nepi ka bubuk. “.......Tuh!!!!!! eleh ganas
teh ku kalapa. Deuleu.” Kituna teh bari miheulaan ngadahar ganas. Kalapa
diasupkeun deui kana endong. Lamsijab ukur olohok nenjo nu cacamuilan.
Isukna Lamsijan jeung Kabayan kontes deui. Diuk pahareup-hareup dina
batu lempar tea. Ayeuna mah lamsijan mawa gedang pokna : “....Tah ieu
mah gedang. Asal kecap tina gede dangiang mun dipesek loba sikina.
Ngandung harti jelema kudu loba siki, loba elmu jeung kaweruh, jeung
loba amal kahadean. Pasti eta jalma teh bakal gede dangiang disingkat
jadi gedang.”. Lamsijan nyakakak deui.
Si kabayan
ungut-unggutan ngadenge katerangan sobatna kitu teh. “.....Cikan kainyah
pesek hang nyaho.” Teu talangke gedang dipesek ku si Lamsijan, burahay
beureum pikabitaeun ma’lum gedang samangka. Sanggeus rengse gedang
dipesek diteundeun hareupeun duaan. Si Kabayan ngulangkeun deui kalapana
pokna : “.....Kalapa, alus, kuat jeung hade.” Gejret gedang teh
dipeupeuh teu nungguan Lamsijan celebek wae didahar, kalapa mah
diasupkeun deui kana endong.
Isukna saperti biasa reureuh
nguseup si Lamsijan jeung si Kabayan nuluykeun kontesna Lamsijan ayeuna
mah mawa cau, pokna : “....Tah ieu mah kabayan Cau. Turuyan nyagag dina
sikatan, sikatan nyagak na seuhangan. Cangkangna leuleur matak
tisorodot. Gambaran carita urang. Carita jelema nu tara aya
pamustungannana. Loba cagag loba mengkol, bari sakakpeung leuleur hese
dicekelna. Didaharna sok sisina.”
Lamsijan mesek cau am
didahar. Ari cangkangna sok diteundeun dina pingping si Kabayan. Tuluy
bae pindah nguseup ngajauhan si Kabayan sieun dibales diragragan
cangkang cau. Kabayan elelh babar ayeuna mah kapiheulaan dahar cau.
Padahal kalapana geus siap ngabebek cau. “....Cau. Carita urang, mun
didahar lung, cangkangna....” Kitu bae si Kabayan bari ngalungkeun
cangkang cau maledog si Lamsijan. “.....Haram jadah siah kabayan.
Meunggeus isuk urang kontes deui.”
Isukna nu rek nuluykeun
kontes ngajugjug deui pakalangan. Nyaeta batu lempar sisi walungan.
Useup minangka jadi pokal, teu poho korang oge nyolengreng mapaesan
cangkeng. Ayeuna mah lamsijan oge mawa endong. Teuing buah naon nu
dibawana. Dua sobat teh ngaruseup heula memeh kontes.
Biasa
pahareup-hareup sila ipis dipakalangan kontes. “ Mawa buah naon ayeuna
Lamsijan?” Si Kabayan nalek. Lamsijan ngodok endong. Bru bae dahareun
ditambrukeun hareupeun si Kabayan bari ngajorowok tarik pisan
“.....Kalapa!!!!!...” atuh puguh si Kabayan ngajenghok. Eleh deui babar.
Mangkaning kalapana ayeuna mah geus herang naker batokna teh, da
meunang ngurus.
“Ari nyaneh belegug. Lamsijan. Nu kitu mah lain
kalapa siah. Galendo, tah nu eta noga, jeung bajigur dina bungkus
plastik.” Si Kabayan muncereng. “.....Enya kapan tina kalapa...”
Lamsijan oge molotot. Kabayan embung eleh “......Kapan nyaneh oge
nyaksian jeung nyaho, kalapa mah nu kieu” bari ngasongkeun kalapa anu
batokan keneh.
“.......Cikan kalapa teh pesek.” Lamsijan
leuleuy. “...Hor ari nyaneh. Kapan kamari bareng mesekna kasaksi ku
ilaing. Dimana mana oge mesek buah mah miceun cangkang. Sakali cangkang
terus dagingna. Tah ieu teh geus dipesek. Piraku kudu dipesek deui?
Mustahil Lamsijan. Tahayul eta teh bid’ah. Mesek anu geus meunang
mesek.”
Si lamsijan kerung. Cakakak teh si Kabayan seuri
“....Hahaha......Siga Ulama Islam di Indonesia nya kuring. Jan.” “Nyao
siah mamawa ulama sagala.” Lamsijan hareugeuun. “Enya kapan ulama oge
embung mesek Agama leuwih jero. Cukup ku tafsir. Malah ngawatesan maneh
ku Ijma jeung ahli tafsir samemehna. Nepi ka teu apal siki jeung eusi
Agama nu sabenerna. Ahirna teu aya manfaat sama sakali tina Agamana.”
Kabayan narik napas panjang. Lamsijan olohok.
“Tah....ari manfaat Agama pan hayang. Kapan cara uing seubeuh dahar
buah kontes. Teu ngadahar kalapa. Teu ngamangfaatkeun Islam da kapan can
nyaho eusina. Ngamangfaatkeun Agama sejen wae nu geus dipesek tur
babari dipesekna saperti tina paham Shabiin, Nasrani jeung Yahudi.
Kadang-kadang paham Majusi oge diharakan. Bari tetep boga kayakinan kuat
yen Islam Agama nu pangalusna.”
Kabayan ngarenghap.
“.........Saeutik oge moal mangfaat tina Islam. Najan keukeuh ngagulkeun
Islam. Lir ibarat kalapa batokan digegel teuas dilamot pait. Nu matak
taya pangaruh kana ahlaq jeung kalakuan tina Agama nu dianggapna
panghadena teh. Bukti nagara keuna reformasi. Geus reformasi parasea
keneh bae. Lain pantar urang eta teh Jan. Ulama jeung pamingpin.”
Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar