Carita Urang Sunda Headline Animator

Minggu, 08 Juli 2012

SATRIA PININGIT

Tulisan Kang Dedi Ruspendi

Dina budaya Sunda lain kudu didagoan tapi kudu diupayakeun sangkan lahir generasi atawa nonoman nu mibanda jiwa suci tur bisa ngalarap lampah munasabah jeung babakti ka nagri kalawan temen sujud ka Illahi.

Ieu awalna "....Turun pulung ti galungung......". Tah didieu hartina dunya atikan "...Empu linduhung, gawe luhung jeung agung...". Beberes heula dunya atikan lamun generasi hayang bener.


"...Gulusur lebak camene, ngamuhara ka muhara beres.....". Wanoja deuih salaku tihang nagara kudu kapulungan, nepi ka ahirna bakal jadi muara beres. Tegesna jadi cukang lantaran gelar insan anu suci ku nyucikeun diri enggon rarabi.

Kasimpulan aya dua hal pentiung sangkan lahir satria pininggit;

1. Rarabi kudu jauh ti napsu estu babakti ka Illahi pikeun cukang lantaran gumelar.

2. Dunya atikan sin bener tur beuneur jauhkeun tina kamunafikan saperti dunya atikan di urang ayeuna.

Hanjakan euweuh budayawan Sunda. Nepi ka dina acara perkawinan diantep nanggap setan jeung Iblis. Atuh dunya atikan diantep bejad jeung bokbrok deuih......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar