Carita Urang Sunda Headline Animator

Jumat, 20 Juli 2012

Seni Pasering Budaya

Tulisan kang Dedi Ruspendi

Seug numut kana hal ieu Bongkot budaya di dunya mung aya 3, da titilaras tina seni oge mung tilu. Baheula manusa kafir nepi ka embung diwakilan narima tuduh jalan, hayang jonghok jeung Allah ku diri pribadi. Padahal teu sakabeh manusa bisa jonghok jeung elmu Allah.

Dirina ngarasa leuwih hade dibere tuduh jalan ku Allah, sabab ceuk pangrasanya leuwih jago jeung leuwih beunghar, sanggup nalukeun jeung marentah manusa sejen. Nepi ka maehan Nabi jeung nantang sangkan Allah atawa Malaikat turun langsung.


Nya lungsur heula dasar-dasar budaya samemeh turun dasar Agama keur manusa. Malaikat ngajirim duaan. Dina Qur'an sejarah ieu kasabit Harut jeung Marut di nagri Babilonia. Geuk kayakinan Sunda Satria Kembar. Munding Wangi jeung Silih Wangi.

Ngalaras jiwa manusa ku seni (Sihir), sabab kakuatan seni bisa nyihir manusa nepi ka akalna daya. Ayeuna oge aya nu ngaluarkeun duit jutaan ngan keur lalajo konser musik pujaan. Padahal loba pakirmiskin nu leuwih ngabutuhkeun duit sakitu tinimbang lalajo nu teu aya manfaat. Mung kakuatan seni kapan siga sihir nepi ka akal manusa macet.

Titilaras seni aya tilu, jadi bongkotna budaya mung aya tilu :
1. Kharawitan => Sunda.
2. Diatonis => Yahudi.
3. Purnatonis => Majusi

Laras anu katilu teu mandiri anging asup ngagoda titilaras anu dua. Jadi pabentarna budaya sabenerna lain Iblis jeung Malak. Tapi antara Malak jeung Malak nu diemprakan ku setan.

Teu kudu parebut budaya da masing-masing geus aya tempatna. Di Tatar Sunda nya sunda nu kudu eksis nu sejen wayahna ngelehan.

2 komentar:

  1. hebring infona hade pisan kang,, kitu hartos kasenian ckckc

    BalasHapus
    Balasan
    1. Eta numutkeun kang Dedi mah, kaleresan anjeuna sok nalungtik perkawis seni di tatar Sunda. Gus oge teu acan kantos pendak sareng anjeun na teh.

      Hapus