Carita Urang Sunda Headline Animator

Senin, 16 Juli 2012

Kabayan: Ulin Ka Tempat Piknik


(diasuh ku Kang Andi Sumirat)
“Kang, naha nya di tempat piknik kieu bet asa aya nu benten”
"Beda kumaha...beuh ?"

“Muhun cobi tinggal we ku akang, antawis nu piknik mani karasep gareulis kitu....sedeng bangsa urang nu daragang keu karucel teh, asa garoreng rupi nya, kang ? Hehehe..


"Ari silaing kasep Lamsijan? mun ngeunteung deuleu..goblog sugan....beuh “
“Ah fakta etamah, kang...hehe”


"Denge ku silaing Lamsijan...., gusti Alloh SWt mah tara meunteun jelema dumasar kana rupana, tapi dumasar kana kaberesihan hate na deuleu.....ngarti ?

Hehehe..ngartos kang, euleuh kang itu teh iteung nyusul ka dieu....nyandak tangkal sampeu, enggal papagkeun.....!! "

“walah cilaka pamajikan nyusul mah...euy lamsijan.....beuh ?"....


"kudu kieu yeuh....mepende nyi ietung mah.......”

Teu ngeunah ngeunah kunaon…sebel sebel na kunaon
asa teu boga salah…ngarasa teu boga dosa
bet percaya wae ka gosif…pikiran jadi negatif
nyangka nyangka suudon…jiga budak anu bolon

naha teu cape hate…ngan ngajak pasea wae
yap kadieu iteung…..tangkeup akang
~ ~ ~ ~ ~~
cinta akang sadalem laut kidul…….kadeudeuh akang lebar sajagat raya
geura taropong hate akang moal bohong…teuteup mata akang mung aya iteung
taya gurat taya cupat……taya bakat jadi playboy
yaaaaap kadieu iteung…….gabrug akang……

Tidak ada komentar:

Posting Komentar